Kamis, 29 Juli 2010

R.U.D.E.T

ya Alloh Gusti Nu Agung....

asa aya ku rudet2 teuing nempo jelema eta....
boh jelemana boh kabogohna...
saruana...

embung ditempo, da katempo...

teu katempo asup kana ngimpi...

dua kali deuih..
geus hudang teh sare deui...
ari pek teh pas sare deui teh,
ngimpi jelema eta deui wae...

ASTAGFIRULLOHALADZIM...
o.o

abi teh hayang ngaleungitkeun jelema eta tina pikiran...
ngan naha nembongan wae atuh...

geus rada poho2 saeutik...
bet nembongan deui...

rudet abi teh...
da maneh teh pikasebeleun...

geus nganyenyeri hate abi...
geus ninggalkeun teu pupuguh...

kena2 geus boga kabogoh deui...
jiga nu boga kabogoh anyar teh leuwih alus tibatan abi...
budak sagede tengek kitu dijadikeun kabogoh maneh mah...
jiga euweuh deui nu leuwih alus wae...
curiga maneh mah kapaksa tibatan euweuh teuing...

aduh Gusti...
hampura abi tos nyarios kitu...
bakating ku rudet abi teh...

ngimpikeun jelema eta teh kalah ngarurungsing abi...
jadi hoream rek nanaon teh...
hayang cicing wen jadina...

Gusti...
tulungan abi...
hoyong ngaleungitkeun jalmi eta ti pikiran abi....

ya Alloh...
naha asa jadi SEDIH kieu...
tong ceurik ah rima...
ngerakeun wae ceurik di warnet...

jeung pikasebelena teh ieu warnet kalahkah muterkeun lagu nu mendukung...

ARMADA - Ku Ingin Setia

TT_____TT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar